KARATON MANDALA AGUNG
PRODUSER : IBU NOVIYANTI MAULANI KONSEPTOR : R.M. EVI SILVIADI, SB PROJECT/GENRE : CETA (JAIPONG KREASI) SANGGITAN / ARR : ARIE KOEN JURU KAWIH : NENG THORONTON PARAGUNA : N.N EXPLORE STUDIO : KOEN STUDIO VISI : NGADEG KARATON SUNDA MISI : NGASAH, NGASIH NGASUH RAHAYAT TEMA : NGADEG, TANDANG JUANG, PERTAHANKEUN JEUNG MEUNANG SALAWASNA (BANGKIT, BERJUANG DAN MENANG) KARAKTER : GAGAH, LUNGGUH (GALUH) SINOPSIS : WAWANGUNAN KARATON BUKTI TINA PAHEUYEUK HEUYEUK LEUNGEUN, LADANG NGAHIJINA BALARÉA. KARATON MANDALA AGUNG TEMPAT PANYALUUHAN RAHAYAT. KASANG TUKANG Bendé geus disada ti Ka Subang an, tawis jalan pikeun tujuan rahayat Sunda jadi jugjugan. Muru Mukti, muru murah sandang jeung pangan, muru ka adilan dina panyaluuhan hukum kaadilan, jadi payung na balaréa. Di Karaton Mandala Agung aya nu nangtungan hiji raja trah murni, nu tara hayang ka tembong ngaburinyay. Teu weléh hayang ngahiji jeung nu leutik, teu weléh ngindungan waktu rahayat keur butuh, teu weléh ngabapaan nalika rahayat keur boga kahayang. Teu tembong beunghar, ngan beungharna taya nu ngabandingan Tara katinggal raja kaya na, ngan nalika rahayat aya pamenta, Gusti Raja teu weléh nyampakkeun nu di butuhkeun na. Bendé disada ti lebah kalér puseur dayeuh jadi Srangéngé nu méré eling lir Panji ngélébét jadi jugjugan nu saenya na. POLA PANGADEGAN / STRUKTUR ADEGAN Adegan 1 Galuh Pakuan kapaluruh Patepong di kasubangan Nangtung Ratu nyangking Gelar Rahyang Mandala Jati Adegan 2 Ciri pasti dina Karaton Suci Mandala Agung Riuh elmu, nangtung Manda Agung Galagat odéng Ngabangsat jeung nu lemah Ngajadi hiji jeung nu leutik Ngabahu reksa ngawangun tahta pakeun Rahayatna. Adegan 3 Geus ulah unggut kalinduan Ulah gedag kaanginan Pajajaran anyar keur ngabaladah Niskala keur ngaraksa Mandal geus teu bisa digunasika Kukuh gagah ngajati muatan diri Nagara urang keur ku sorangan Ulah dibikeun ka deungeun Adegan 4 Elmu di Mandala Agung Pangaweruh, pikukuh geus leuwih ti manjing pakeun ngokolakeun kahirupan rahayatna. Adegan 5 Geura Jujug Karatuan Galuh Pakuan, Didinya aya Karaton Mandala Agung Adegan 6 Geura nunggal dina Sapuluh Manjing kasauran pikukuh Sadaya nuju ka Galuh Mana kiwari kapaluruh Adegan 7 Panutup LAGU MANDALA AGUNG NARASI KASADAYA RAHAYAT GALUH GEURA JUGJUG KARATUAN GALUH PAKUAN DIDINYA AYA KARATON MANDALA AGUNG GEURA NUNGGAL DINA SAPULUH MANJING KASAURAN PIKUKUH SADAYA NUJU KA GALUH URANG MIMITIAN USIK DA KIWARI GEUS KAPALURUH (sinden) KAPALURUH GALUH PAKUAN PATEPU NG DI KASUBANGAN NYANGKING GELAR NU MANGANTI RAHYANG MANDALA JATI NGADEG KU CIRI NU PASTI KARATON MANDALA AGUNG LINGGIH NU GUMANTI AJI GANDRUNG NU NGAHULUN BALUNG NGABANGSA JEUNG NU LALEMAH NGAHIJI JEUNG NU LALEUTIK NGARAJA LADANG SOMEAH NGAJARING PAPADA NGATIK NARASI KIWARI NGABAHU REKSA TAHTA PAKEUN RAHAYATNA GEUS MOAL UNGGUT KALINUAN GEUS TEU GEDAG KA ANGINAN GEUS MOAL KAPANGARUHAN DEUI HAYU MAJU BABARENGAN (alok) NU ANYAR KEUR NGABALADAH NISKALA RIKSA JEUNG RAKSA ANGGGEUS TEU BISA DISINGLAR NYATA PAJAJARAN ANYAR SAHA NU NGAGUNASIKA BARIS MEUNANG MAMALANA KIWARI KUKUH NGAJADI AMPEG WEWEG KU PANGARTI (sinden) NAGARA URANG KEUR URANG BANGSA URANG KEUR SORANGAN BANGSA LIAN UKUR MANTING ELMU RAJA KULA MANJING KARATON PAPAYUNG AGUNG PAKEUN RAHAYAT NGAWANGUN GEURA JUGJUG ALUN ALUN AYANA MANDALA AGUNG NUNGGAL DINA KA SAPULUH SEPUH GEUS NEMBRAK PIKUKUH SADAYA NUJU KA GALUH KIWARI GEUS KAPALURUH KASUBANGAN PANGHAREPAN MANDALA PANYALUUHAN RAHAYAT NU KAMAKMURAN MAKMUR JANG KAMERDEKAAN Rumpaka : Raja LAK Evi Sylviadi Arr : Arie Koen 20/06/2025
Download
1 formatsVideo Formats
Right-click 'Download' and select 'Save Link As' if the file opens in a new tab.