Ngumbar Sawangan
Sanggian : Mang koko
Rumpaka : R. Sukendar Kertakusumah
diciptakan di Bandung, 6 April 1973
Ngumbar Sawangan
Paulna langit gumawang dina sawangan
Nanjeur katineung haleuang mapag lamunan
Teuing ku asri hariring datang ti mendi
Kadupak ombak kadupak ombak basisir ngalagu ketir
Panyawang labas ka peuntas di barengan ku harewos
Nganteurkeun rasa kawaas kareueus kanu geus ngiles
Panyawang labas ka peuntas di barengan ku harewos
Nganteurkeun rasa kawaas kareueus kanu geus ngiles